KAWAJIBAN
TOBAT
Kawajiban sareng kautamaan Tobat kudu sing terang
aranjeun, Saestuna kawajiban Tobat eta parantos kalintang jelas dina Al qur’an
sareng Hadist.
Sakumaha
Alloh parantos ngadawuhkeun dina Al qur’an Surat An-Nur Ayat 31 :
Hartosna :
“Jeung Kudu Tobat aranjeun ka Alloh, Hei Jalma-jalma anu iman sangkan aranjeun
baragja”.
Ieu ngarupakeun ayat parentah kana tobat secara umum. Oge
sakumaha pidawuh Alloh dina al qur’an Surat At Tahrim ayat 8 :
Hartosna : “ Hei jalma-jalma anu ariman kudu
tarobat aranjeun ka Alloh kalawan tobat anu saleres-leresna, Mudah-mudahan
pangeran aranjeun ngifaratan ti aranjeun kana kagorengan aranjeun (dosa) sareng
rek ngasupkeun Alloh ka aranjeun kana surga anu ngocor tina sahanapeun eta
surga pirang-pirang bangawan”.
Ari hartos lapad نصوحا nyaeta anu
leres-leres (murni) semata-mata karena Alloh, heunteu aya hal-hal anu ngotoran
dupi di antawisna ayat al qur’an (ayat Alloh) anu nuduhkeun kana kautamaan
Tobat di antawisna pidawuh Alloh dina Surat Al Baqoroh ayat 222 :
Hartosna : “ Saleresna gusti Alloh mika cinta ka
jalma anu tobat sareng mika cinta ka jalma anu ngaberesihan dirina “.
Oge sakumaha pidawuh Rasululloh dina
haditsna anu di riwayatkeun ku Bukhori Muslim :
Hartosna : “ Satemena alooh kalintang bingahna ku tobatna hiji jalma
mukmin ti nimbang kabungahna hiji lalaki nalika aya di daerah anu kalintang
bahaya (tandus) sareng kudana, sareng eta lalaki nyanak kadaharan jeung inuman
anu di simpen dina luhur tongong kuda,terus eta lalaki ngiyuhan nyaluuhkeun
sirahna tuluy sare kalawan tibra ,dina nalika hudang eta lalaki tina sarena
ternyata kudana teu aya sareng bebekelannana, mangka eta lalaki milarian dugi
ka ngarasakeun kana panas jeung kana haus sareng ngarasa lapar anu pohara.Tuluy
eta lalaki ngomong leuwih alus kaula balik deui ka tempat tadi jeung sare deui
nepi ka maot kaula. Mangka neundeun sirahna dina luhureun leungeunna
(nangkarak) bari ngadagoan kana datangna ajal (Maot),Nalika hudang eta lalaki
ningali kudana sareng bebekeulannana geus balik deui sareng aya di hareupeun
eta lalaki . Saleresna kabungah Alloh ningali hambana anu tobat eta leuwih gede
ti nimbang kabungahna jalma anu kalengitan kuda sareng bebekeulannana”.
Dina riwayat anu sanes di sebatkeun
sateumeuna eta lalaki ku banget bingahna sehingga ngucapkeun kana hiji ucapan
anu tujuannana syukuran ka Alloh SWT tapi salah ngucapkeunnana kaula eta
pangeran anjeun(gusti) sareng gusti eta pangeran hamba kaula, masih seueur ayat
al qur’an sareng hadits anu ngajelaskeun kana kawajiban sareng kautamaan jalma
anu tobat nya kitu deui ijma para ulama nyebutkeun sateumeuna tobathiji jalma
bisa di lakukeun ku ayana elmu nyaeta nganyahokeun satemena dosa jeung
kamaksiatan eta mawa kana kahancuran sareng ngajauhkeun diri tina rohmat Alloh
SWT sareng ridhona Alloh SWT .
Salah sahiji anu kudu wajib di
laksanakeun dina nalika tobat nyaeta ningalkeun kamaksiatan dina saat anyeuna
oge nganiatan ninggalkeun kana eta pamaksiatan salalawasna jeung mayar
(ngodoan) kana sakabeh kakurangan anu di lakukeun dina waktu anu kaliwat,
nyakitu deui ngarasa nalangsa kana pagawean anu maksiat anu geus pernah di
laksanakeunkarena nalangsa mangrupakeun ruhna tobat oge ku nalangsa bisa
ngajadikeun tobatna sampurna. Oge sakumaha pidawuh Ba’duh Hukama :
تعرف توبة الرجل باربعة اشياء : اولها ان يمنع
لسانه من الفضول والغيبة والنميمة والكدب والثانى ان لايرى فى قلبه حسدا ولاعدواة
لاحدمن الناس والثالث انيترك اصحاب السوئ ولايصاحب احدامنهم والربع ان يكون
مستعداللموة نادما على الذنب ومستغفرا لما سبق من ذنوبه مجتهدا في طاعات ىربه
Di cutat tina
kitab Durotun Nasihiin Hal 37-38
Hartosna : “ Parantos ngadwuh Ba’dul Hukama di
kanyahokeun tobatna jalma ku 4 perkara:
1. Nyegahna jalma kana lisanna jalma
tina leuleuwiheun sareng ngupat,ngadu-ngadu, sareng ngabohong
2. Yen moal di tingali dina hatena
jalma sipat hasud sareng teu ngamusuhan ka saurang jalma ti manusa
3. Yen ningalkeun jalma kana
reureujeungan jeung jalma anu goreng akhlakna
4. Yen bukti eta jalma cawis-cawis
keur pibeukeuleun saba’da maot.Bari nalangsa kana dosana sareng menta
pangampura kana dosana anu geus kaliwat tur ati-ati dina toat ka pangerannana.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar